Cerita Pendek Carpon Sunda
Hai, udah lama
gak posting nih.Ga punya inspirasi buat nulis. Sekarang aku mau share hasil
karangan aku yang sebenernya ini tugas sekolah. Ngerjainnya malem ini, pas
hujan. Maaf kalo bahasanya berantakan, tolong di komen aja biar bisa aku revisi
hehe.
Basa Keur Malem Minggu..
Ngegambar
sendiri, maaf abstrak haha.
Tepangkeun,
simkuring Ahmad Suraga nu biasa disebut ‘Gaga’. Kuring sakola keneh, SMA kelas
1. Kuring rék nyarita. Basa harita ker malem minggu, kuring nyorangan di kamar.
Bapa jeung Ema mios ba’da magrib ka salametan toko anyarna Pa Hadi, moal lila
ceunah. Si Alin ker di tengah imah, ngadon nonton tv siganamah. Kuring sosoranganan
ngoprék gitar sabari nyanyanyian ngagandéngan tatangga. Batur anu ‘barudak gaul’
mah ti isya mula téh geus arulin malem mingguan. Ari kuring mah di imah wé da
titah maturan si Alin, jaba dina ramalan cuaca di TV rék turun hujan engké peuting
téh. Ker anteng ngulik gitar bari diajar lagu ‘jalir jangji’ téh, kadéngé sora hapé
kasada tanda aya nu nelepon. Dicileuk téh bener, si Bahar nu nelepon.
“Halo? Assalamu’alaikum, Ga.” Bahar
nyapa miheulaan paguneman.
“Wa’alaikumsalam, Har. Aya naon
nya?”
“Ieu Ga,
ceunah barudak kelas rék ngumpul di warung Mang Ujen nu aya layar tancep na
ning, cuang lalajo Pérsib bareng-bareng! Mumpung ayeuna malem minggu. Mun arék
ku urang di téang ayeuna ka imah, kumaha?”
Mikir heula
ngahuleung sakerejepan. Dina haté mah rarasaan hayang pisan mangkat kumpul
jeung barudak. Tapi da ulah kamamana peuting ayeuna téh. Sabab maturan Alin
jeung rék turun hujan gédé katambah angin ramalan cuaca mah.
“Duh euy, lain teu hayang milu sabenerna mah
hayang pisan. Tapi urang téh teu menang kamamana peuting ayeuna téh, Bapa jeung
Ema ker kaluar, jadi urang titah maturan si Alin di imah. Hampura nya, Har.”
“Oh kitu. Teu nanaon ari kitu mah, Ga. Da
bener ogé, teu mungkin Alin ditinggal sorangan di imah mah, bisi aya nu
macem-macem.”
“Nuhun
pisan geus ngajakan, hampura nya sakali deui. Minggu hareup mah bisa inshaa Allah”
“Enya atuh siap, geus heula nya Ga. Assalamu’alaikum”
“Wa’alaikumsalam”
Kakara beres teleponan, aya nu
ngetok panto. Éta si Alin, pun adi hiji-hiji na anu kacida pikaseubeuleunana
ngetok panto satarik-tarikna.
*Tok tok tok dor
dor dor “Aa!!!! nuju di kamar ngagalaunyaaa?” saur Alin.
“Saha éta?”
Tembal kuring.
“Ih ieu Neng
Alin nu pang geulisna sajagad, Aa!”
“Aa na teu aya
neng!”
“Ih tong
bohong kitu atuh a, neng lebet nya!”
“Eh ulah ulah,
barinagé pantona dikonci kétang. Hahaha”
“Ih aa
bejakeun siah ka mamah. Telepon yeuh nya, hiji..dua..til...”
“Eh eh eh,
ulah atuh neng da geulis neng Alin mah”
“Neng hoyong
lebet atuhnya!”
“Heuhlah,”
*ceklek mukakeun panto jang si Alin. “Dieu”
“Asiikkk”
Si Alin
ngoprek sagala barang nu aya di kamar, gitar,buku, novel, nepika
ngajleng-ngajleng dina kasur springbed
di kamar kuring. Ku bakating rieut tur capé ngomél, ku kuring diantep wé éta
budak titah bahagia sorangan. Da lanceukna mah keur galau ngalamun murung kusabab teu bisa lalajo pérsib jeung barudak.
Sanggeus bosen ngoprék gitar, kuring ék pindah kana maca novél. Éh cikaracak
sora girimis kadéngé laun ti jero kamar. Noong tina jandéla mah bener, basa éta
teh turun hujan. Untung Bapa jeung Ema geus nepi di imah. Beuki lila beuki
deres wé hujan téh.
Singkat carita
si Alin kasaréan di kamar kuring. Tapi geus dipindahkeun ka kamarna. Geus aya sajam
leuwih maca novel, basa itu jam sapuluh peuting, kuring geus ek saré. Ujug-ujug
aya telepon ti Bahar, tapi nu ngomong lain Bahar, nyaéta Akéw nu tadi bareng
samotor jeung Bahar. Nelepon téh aya maksud, ceunah Bahar téh labuh tina motor.
Akéw mah bisa kénéh leumpang, Bahar mah pingsan, dibawa ka rumah sakit. Tuluy menta
tulung ka kuring pang jemputkeun orang tuana Bahar supaya bisa nyusul ka rumah
sakit. Siap-siap tuluy pamit ka Bapa, langsung berebet mangkat ka imah Bahar,
tuluy ka rumah sakit. Bener baé, katénjo Akéw lalécet dina tangan, kaki, jeung
huluna. Ari Bahar mah ngagolér keneh, tapi geus sadar. Diditu ngan ngobrol
sakedap, tuluy kuring pamit mulih. Di sapanjang jalan dina motor, kapikiran tur
gegerendeng “Untung kuring nurutkeun cek ema jeung bapa, mun tadi milu jeung
Bahar, boa ayeuna bisa kénéh naék motor siga kieu. Alhamdulillah.”
-Tamat-
Semoga temen-temen menikmati artikel ini, semoga
bermanfaat dan membantu kalian dalam kemalasan mengerjakan homework hehe.
Jangan lupa kita bisa saling follow sosmed di:
IG : @nakiaaaam *a nya empat ya hehe
Twitter : @nakiaayu
Facebook : Nakia Ayu Mulyani
THANK YOU!
Komentar
Posting Komentar